Hosting Indonesia Sexy Pink Heart - Busy

Boa - Boa

“Boa-boa"

Kalebuh simpé...
Dangdaunan nu nganti hiliwir angin
ngoyagkeun
Ukur cicing , teuleum na sarining jempling
Marengan giwangkara sumirat medarkeun
cahya,
Aya hanjakal hacneutna bet teu karasa
Nepungan wilangan poé
Nedunan pangangkir minggu..
Cenah kabagjan diseja, ditéangan
babarengan
Ukur carita, ahirna angger nogéncang.
Geuning haleuang nu leungit wirahma..
Nyiloka dina ranggeuman..
Anu udar lalaunan...

Sumber : Galura Puisi